Kamera Pengintai

Sabtu, 14 Februari 2015

Sholawat KH. Salimul Apip - Shollalloh 'Ala Muhammad

Shollallohu 'ala Muhammad # Shollallohu 'alaihi wasallam 

Karna mulyana gamparan # Onta oge ngalendean 

Mega ngilu nangtayungan # Seueur anu sholawatan 

Abdi nu pantar sakie # Ngantos-ngantos leleberan 

Kasaean ti gamparan # Hey nu ngajak kabagjaan 

Nun gusti nu Maha Asih # Nu Maha Nganugrahaan 

Lebur sugri kaleupatan # Hapunteun kaluluputan 

Rohmat Alloh salamina # Mugi wuwuh pinuh pisan 

Ka kangjeng Nabi Muhammad # Nu rarayna cahayaan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar